R.A Kartini loba ngirim surat nu euyeub ku pamikiran maju ka sobat sineratna nu aya di Éropa, utamana di Walanda, di antarana:
Rosa Abendanon, J.H. Abendanon (anjeunna jeung pamajikanana ngarojong Kartini), jeung Estella Zeehandelaarng.
Ngaliwatan surat sinerat éta Kartini ngébréhkeun kamandangna ngeunaan haq jeung kapadulianana kana tradisi budaya nu ngerdilkeun para wanoja.
Eusi surat Kartini kacida jero jeung inspiratif, di antarana:
- Perjuangan wanoja: Kartini hayang kaum wanoja meunang hak pendidikan jeung kabébasan hirup.
- Kritik kana adat: anjeunna nyorot tradisi anu ngahalangan kamajuan wanoja (saperti dipingit, teu lalugina ka luar imah)
- Cita-cita pendidikan: Kartini hayang ngadegkeun sakola pikeun wanoja pribumi
- Pamikiran modern: anjeunna kagum kana kamajuan Éropa tapi tetep mikacinta budaya sorangan
Surat-surat éta satuluyna engké dikumpulkeun jadi buku nu kawentar “Habis Gelap Terbitlah Terang”
Kitu deui tatar Sunda, sumanget sarupa éta nitis dina diri Raden Dewi Sartika. Anjeunna ibarat mata cai kahadean, ngalirkeun élmu ka para wanoja Sunda, ngajadikeun sakola minangka tempat nyiar cahya. Dina haténa aya kayakinan yén ngadidik wanoja téh sarua jeung ngawangun umat. Sabab tina rahim awéwé anu shalihah, lahir generasi anu kuat iman jeung akhlakna.






