Ku: Eulis Saputra
SOROT JABAR – Aya waktuna hiji lalampahan henteu ngan ukur nyorang jarak, tapi ogé ngambah rasa. Aya silaturahmi anu henteu ukur ngahijikeun jalma, tapi ngahirupkeun jiwa. Kitu rasa nu kasorang ku kulawarga ageung PATREM (Paguyuban Sastrawati Sunda) dina kagiatan PASASA (Patrem Saba Sakola) ka Rumah Tahfiz Al Fallah, nu aya di Kampung Cilopang, Désa Mekar Laksana, Kacamatan Cikancung, Kabupaten Bandung, Minggu, 10 Méi 2026.
Rumah Tahfiz Al Fallah téh aya dina kawasan Pusat Pelatihan Pertanian dan Pedesaan Swadaya (P4S) Kebun Organik Bumi Mekar Laksana, hiji tempat nu henteu ngan ukur ngaraksa élmu agama, tapi ogé ngahijikeun hikmah kahirupan jeung kawijaksanaan alam.
Tempatna nyumput di tengah pagunungan Cikancung nu asri, tempat angin ngahiliwir mawa kasaput ibun, tatangkalan ngibing ku wirahma alam, sarta tuyunan héjona tatangkalan nyugemakeun panon jeung angen.

Sapanjang lalampahan, paneuteup teu kaur nanceb. Ébat ku titingalan ti luhur puncak Cikancung, katara Bandung kawas dipangku ku jajaran pagunungan. Jalan nanjak mudun lir wirahma kahirupan: aya tanjakan perjuangan, aya turunan pangharepan.
Pikeun para wanoja Patrem anu haténa raket jeung dunya aksara, unggal lengkah lir nyieun paragraf anyar dina buku kahirupan.
Leuweung héjo, kebon subur, hawa nu nyecep, kabéh jadi pangjurung rasa pikeun ngotrétkeun implengan dina tulisan wangun karangan, minangka laporan ngareungeukeun deui sora batin nu mindeng kasamaran ku riweuhna kahirupan sapopoé.






