Hadir 33 urang santri jeung santriwati, ti mimiti nu masih balita nepi ka rumaja. Diaping ku ustadz sareng ustadzah, Teh Ifah. Aranjeuna ngahiji dina suasana nu pinuh ku atikan rasa jeung budaya. Aya nu saregep ngaregepkeun, aya nu semu reueus, aya nu bari heureuy, aya ogé nu éraan. Kabéh jadi warna nu ngabeungharan ieu riungan.
Acara resmi dibuka ku Ambu Rin, minangka sasanduk silaturahmi ka pribumi. Satuluyna, suasana tambah khidmat nalika Neng Puput, salah saurang santri, ngagalantangkeun Surat Ad-Dhuha, ngamalirkeun ayat-ayat suci nu lir cahya maparin pangharepan. Manjing pisan jeung waktu acara dikawitan tabuh 08.15 WIB, siga panginget yén unggal isuk salawasna mawa harepan anyar.
Pamapag tuluy ditepikeun ku pribumi, Bapa Budi, nu ngébréhkeun kabungahna Patrem lumampah méré luang anyar nu béda keur para santrina.
Pamapag dilaju ti Ketua Patrem Ambu Retty Isnendes, bari ngawanohkeun anggota rombonganana, sarta tujuan ieu kagiatan nya éta minangka tarékah Ngipuk minat jeung bakat siswa kana literasi sastra Sunda.
Pamapag diantebkeun Ambu Yooke Cuparmah, salaku pangaping Patrem, nu salawasna ngariksa sangkan Patrem jadi rohangan tumuwuhna sastra, budaya, jeung duduluran. Anjeunna mertélakeun ngeunaan pentingna ngalatih literasi diri pikeun nulis catetan pribadi. Nulis luang pangalaman sapopoé anu karasa, katempo, kacipta. Najan saukur sacarita tapi mayeng dina kabiasaan nu nyata.






