Pidangan ka-6, ti Ambu Tetti Hodijah, ngagalantangkeun carpondak anu judulna “Tatarucingan Mang Boim”.
Para santri kagugu kana carita diajak komunikatif. Ambu Teti, tapis nalar carpon tanpa bacaan, sigana tos napel pisan dina emutan, apal dugi ka koma titikna. Carpon pungkas digalantangkeun.
Pidangan anu ka-7, minangka pamungkas ti Ambu Chye Retty Isnendes. Ngawanohkeun kawih “Bulan-bulan Islam”
Santri saregep pisan, da puguh pangintén aya rasa nu nyambung jeung kabutuh dirina. Nalika kecap jadi hirup, wanoh kana dirina ngajadikeun kagiatan babari diiluanana. Palebah dipentes ngawih langsung apal lagu lagamna.
Kagiatan utama réngsé tabuh 11.15. Parasantri suka bungah nampi hadiah. Sanés hargana nu mawa méwah, tapi kaikhlasan guyub ngiring kagiatan. Masing-masing dipaparin bacaan oleh-oleh majalah Manglé ti Ambu Yooke, buku tulis ti Ambu Tetty, acuk kaos ti Ambu Nanéng, kantenan ti pribumi
Nu matak ajrih, pribumi gesit nyiapkeun tuang leueut. Emprak balakecrakan pasakan olahan hasil kebon sorangan, nu sehat tur nikmat. Diteda di sisi kebon, Dipirig hiliwir angin pagunungan ngajajar rupi-rupi tedaeun, oseng kangkung, karedok, goreng asin, kurupuk, ogé teu hilap lauk pindang emasna nu kacina écona dicocolkeun kana sangu bodas pulen kenging ngakeul dadakan. Sajabi éta tos disiapkeun ku oleh-oleh sayuran hasil tatanen.






