Pasasa Patrem 2026, Ngaraksa Aksara, Nyuburkeun Rasa di Lembur Organik Cikancung

Pidangan saterusna, sacara bagilir masing-masing tim Patrem mintonkeun deui rupaning karya sastra Sunda.
Para santri saregep resep ngabandungan hiji-hiji pidangan kalayan gumbira. Pidangan sastra nu henteu ukur dipintonkeun, tapi ogé dirarasakeun. Unggal anggota mawa warna jeung rasa sorangan.

Pidangan kahiji dibuka dina suasana nu syahdu tur spiritual, diaping ku Ambu Cucu Unisah. Ngaguar pupujian, ku ngajak para santri babarengan réang nadomkeun pupujian anu judulna “Geus Medal Bulan Purnama”, beunangna Yus Rusyana.

Saterusna pidangan ka-2 Ambu Eulis Saputra, kalayan éksprésif macakeun dongéng
“Sakadang Maung jeung Sakadang Uncal”, dongéng nu ngandung piwuruk ngeunaan hikmah, kawijaksanaan, ulah adigung jeung pentingna silih ajénan. Para santri diajak kalibet milu apresiatif, ngaekspresikeun niron sora tokoh maung jeung uncal nu aya dina carita.

Pidangan ka-3, ti Ambu Elih, macakeun sajak anu judulna ‘Sisi Balong ngagolétak’ iasana Yus Rusyana. Eusina perkawis budak sakola alam harita nu kalintang basajanna tapi sumanget diajarna ngagedur. Eta budak teh diajarna di alam terbuka, malah nepi ka kasarean handapeun tangkal kuciat sisi balong ngagoletak

Pidangan ka-4, dituyun ku Ambu Nanéng Danéngsih, sesepuh Patrem. Anjeunna maparin tatarucingan Sunda, teu kalangkung sapertos biasa nyiapkeun rupi² bingkisan hadiah pangramé, kanggo sing saha nu tiasa ngajawab atanapi aktif dina ieu kagiatan

Pidangan ka-5 ti Ambu Nina Rahayu. Anjeunna nuyun para santri dina ngawih pupuh Kinanti, anu judulna ‘Basa Urang’, guritan Chye Retty . Pupuh anu eusina ngébréhkeun linuhungna basa manusa, ngajak sangkan maké basa Sunda kalayan percéka hadé tur merénah minangka cicirén jati diri urang Sunda.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *