Pasasa Patrem 2026, Ngaraksa Aksara, Nyuburkeun Rasa di Lembur Organik Cikancung

Élmu Nu Mawa Hikmah
Rumah Tahfiz Al Fallah jeung kawasan kebon organik ieu dikokolakeun ku pasangan nu pinuh ku pangabdian:
Dra. Hj. Lilis Irianingsih, hiji sosok nu parantos lami ngabaktikeun élmu dina widang tatanén, hususna minangka mantan Kepala Laboratorium Tanaman Pangan Dinas Pertanian Provinsi Jawa Barat. Sareng carogéna, Ustadz H. Budi Prayitno, saurang psikolog nu dipikawanoh di masarakat minangka pengasuh program parenting di Radio MQ.

Pribumi nu soméah, daréhdéh hadé ka sémah téh nyaan jeung enyana.
Kalawan someah, handap asor, tur leleb ku kakaluargaan, aranjeunna ngabagéakeun rombongan Patrem. Tamu henteu saukur dipapag ku salam, dibagéakeun ku susuguh lalawuh tapi langsung diajak ngarasakeun kahirupan alam: diajar panén, metik séwang-sewang sayuran organik.

Aya kabungah nu natrat nganteng dina ingetan. Nalika dampal panangan adek sasalaman jeung dangdaunan, nincak taneuh pakebonan kukulunuan di raksukan kabaya, disinjang, diselop nanceb lamokot ku taneuh matak lucu katingalina. Panangan nyepeng kerésék, soca seukeut ningali héjo pepelakan sayuran alaeun: bayem, tomat, waluh,kangkung, sosin, saladah, jeung rupa-rupa tutuwuhan bubuahan lianna, rasa syukur bacéo dina dada.

Di ieu tempat, tatanén lain ukur perkara melak jeung panén, tapi ogé ngeunaan ngariksa kahirupan, miara kaséhatan, jeung ngajarkeun kasabaran.

Sanggeus réngsé ngala sayuran, beberesih ngumbah sapatu, tim Patrem fokus neraskeun kana acara inti pasamoan.

PASASA jadi rohangan tempat kecap manggihan imahna, seni manggihan panggungna, jeung rasa manggihan sobatna.
Sastra silaturahmi jeung santri nu ngahiji. Kagiatan sederhana dina suasana kakulawargaan, sumanget apresiasi jeung éksprési sastra Sunda beuki karasa.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *